Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Bismillahirrohmanirrohim, dina iyeu artikel badé nerangkeun getih anu sok kaluar ti awéwé, pamudah-mudahan iyeu artikel sing janten elmu tur mangpaat kanggo urang sadayana.
Aamiin Ya Allah Ya Robbal Alamiin.






GETIH ANU KALUAR TI AWÉWÉ
1. Getih Haid
2. Getih Nipas
3. Getih Istihadoh

RUPA-RUPA WARNA GETIH
1. Hideung, nyaeta getih anu banget beureum nepika warnana jadi hideung anu disebut getih qowii (اَلسِّوَاد)
2. Beureum, anu disebut getih do'iif (اَلحُمْرَةْ)
3. Semucoklat (اَلشَّقْرَةْ)
4. Konéng (اَلصُّفْرَةْ)
5. Semukiruh (اَلكَدِرَةْ)
Reff: Albajuri


HAID
فَا الْحَيْضُ هُوَ الدَّمُ الْخَارِجُ فَى سِنِّ الْحَيضِ وَهُوَ تِسْعُ سِنِيْنَ فَاَكْثَرَ مِنْ فَرْجِ الْمَرْأَةِ عَلٰى سَبِيلِ الصِّحَّةِ اى لاَلِعِلَّةِ بَلْ لِلْجِبِلَّةِ مِنْ غَيْرِ سَبَبِ الْوِلَدَةِ
Maka ari getih haid, nyaéta getih anu kaluar dina tahunan haid nyaéta umur 9 tahun atawa leuwih,
tina palawangan awéwé netepan kana perjalanan séhat, lain karena panyakit tapi karena watekna awéwé salian sabab ngajuru.

PANGSAEUTIKNA HAID
Ari saeutikna haid éta sapoé sapeuting (24 jam), ari galibna haid (kaprahna/biasana) eta 6 poé atawa 7 poé, ari lolobana waktu haid éta 15 poé 15 peuting.

PANGSAEUTIKNA SUCIAN
Ari saeutikna sucian eta 15 poé 15 peuting, ari galibna sucian éta 23 poé 23 peuting atawa 24 poé 24 peuting,
ari lobana sucian éta henteu aya batasna. Sabab aya istri anu tara haid saperti Sayyidatuna Fatimah.

KAJADIAN ( وَاقِعَة )
1). Lamun aya awéwé kaluar getihna geus jejeg umur 9 tahun atawa leuwih sapoé/dua poé jeung saterusna,
Bari kaluarna éta getih henteu kurang ti 24 jam jeung henteu leuwih ti 15 poé,
Naha haidna mah kakarak atawa geus biasa, jeung naha rék sarupa warna getihna atawa béda² warnana, maka éta getih dihukuman getih haid.

2). Lamun aya awéwé kaluar getih dina poé ka 14,15, atawa 16 jeung saterusna dina saméméh 9 tahun atawa ti mimiti 16 poé saméméh 9 tahun geus kaluar getih,
anu éta poé sok diistilahkeun :
مَا لاَيَسَعُ حَيْضًا وَطُهْرًا
Hartina : Waktu/poé anu teu mahi dipaké saeutikna jaman/waktu haid jeung saeutikna jaman/waktu sucian.
Maka éta getih masih dihukuman getih haid jeung éta awéwé dihukuman geus balég/déwasa.

3). Lamun aya awéwé kaluar getih ti poé ka 16,17,18,19, atawa 20 jeung saterusna dina poé saméméh jejeg 9 tahun, anu sok dibasakeun:
"Waktu/poé anu mahi dipaké saeutikna jaman/waktu haid jeung saeutikna jaman/waktu sucian"
Maka eta getih dihukuman getih fasad lain getih haid.

4). Lamun aya awéwé kaluar getih dina poé ka 20 bersihna dina poé ka 14 saméméh 9 tahun,
Maka éta getih hukumna kabagi kana dua:
  1. Getih anu kaluar ti mimiti poé ka 17,18,19, jeung 20 (Jumlah jadi 4 poé) maka éta dihukuman getih pasad.
  2. Getih anu 3 poé deui, nyaéta anu kaluar ti poé ka 14,15, jeung 16 maka éta dihukuman getih haid.
Jadi, anu sapotong getih pasad, anu sapotong deui getih haid.
Reff: Taqrirotus Sadidah : 163 

Related Posts

Subscribe Our Newsletter

Belum ada Komentar untuk "Babagian Getih Di Awéwé (Fiqih)"

Posting Komentar

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel